Kumpulan Rupa-Rupa Khutbah Sunda

Rp 15.000

KUMPULAN RUPA – RUPA KHUTBAH SUNDA

Nyata moal sulaya yen agama Islam anu pangsampurnana, ajaranna ngawengku sugrining aturan hirup manusa.

Gusti Allah nurunkeun agama Islam ka dunya ieu taya lian pikeun ngahijikeun umat manusa sangkan hirup kumbuh sauyunan, sabobot, sapihanean dina enggoning ngama’murkeun dunya jeung ngalaksanakeun kataatan ka Mantena.

Sagala rupa anu diparentahkeun ku ajaran Islam, boh anu ngeunaan urusan aherat atawa dunya, urusan ibadah mahdoh atawa ibadah goer mahdoh, anu diwajibkeun atawa anu disunatkeun ngandung harti jeung hikmah pikeun kasajahtraan, kabagjaan, jeung kasalametan umat manusa.

Buku kumpulan Rupa – Rupa Khutbah anu dikarang ku K.H. Moch. Anwar ieu dina garis badagna medarkeun sakumaha anu disebut di luhur.

Eusina mundel, basana merele tur ringkes kalawan dirojong ku dalil ayat – ayat Al-Qur’an jeung hadis – hadis Rasulullah anu soheh.

Out of stock

Cart Item Removed. Undo
  • No products in the cart.