Khutbah Jum’at Petingan Sunda 3

Rp 21.500

KHUTBAH JUM’AT PETINGAN 3

Hirup teh pamadegan jeung perjuangan, sing saha jalma anu teu ngabogaan pamadegan jeung ngedul berjuang hakekatna sarua bae jeung jalma anu teu hirup.

Umat Islam kudu ngabogaan pamadegan anu tangtu tur tegas, ulah luak leok jeung kabawa ku sakaba – kaba.

Sakumaha pait Peuheurna kahirupan dunya umat Islam ulah mundur salengkah oge pikeun nyanghareupanana, supaya urang boga modal pikeun ngahontal kabagjaan hirup di dunya jeung di akherat.

Salaku manusa anu hirup pasti baris pinanggih jeung kasenangan atawa kasusahan, sabab hirup teh memang unik tur pinuh ku rupa – rupa masalah.

Sikep muslim dina nyanghareupan dunya anu sarupa kieu teu aya lian iwal ti kudu jadi ummatan wasathan ; Urusan dunya lakonan piakherateun ulah dipopohokeun. Cinta ka Allah, Ka Rasul, jeung ka sasama lakukuen sacara adil.

Ngajauhan nawahi jeung migawe awamir ngarupakeun ciri masyarakat marhamah, loba kahadean jauh tina rupa – rupa kagorengan.

Anu dipedar di luhur ieu ngarupakeun gambaran tina eusi buku Khutbah JumatPetingan Jiid 3. Insya Allah sing saha anu maos buku ieu bakal kenging anu kacida mundelna.

100 in stock

Cart Item Removed. Undo
  • No products in the cart.