Khutbah Jum’at Petingan Sunda 1

Rp 21.500

KHUTBAH JUM’AT PETINGAN 1

Miara duduluran jeung sasama muslim kacida diparentahkeunana ku agama, sabab ngarupakeun bagian tina hablumminanaas. Dina kahirupan sapopoe jeung sasama manusa kudu silih talingakeun, silih asah, silih asih, jeung silih asuh, teu meunang sewang – sewangan komo deui mumusuhan mah.

Nu ngaranna manusa teu aya anu sampurna. Hartina masing – masingna ngabogaan kakurangan. Kusabab kitu ajaran Islam nganjurkeun ka umatna kudu silih galang, silih bantu, jeung sauyunan dina ngawujudkeun pangharepan masing – masing jeung pangharepan sarerea.

manusa ngabogaan kawajiban pikeun ngolah jeung ngatur alam dunya numutkeun garis – garis kahirupan anu geus ditetepkeun ku Allah.
Pangakuan kana kaesaan Allah anu nyiptakeun jeung miara alam kudu dibuktikeun dina rupa – amal soleh, salaku bukti pangabdian urang ka Mantenna.

Buku Khutbah Jumat Petingan Jilid 1 ieu, ngaguar jeung ngabahas pasualan – pasualan anu dicaritakeun di luhur.
Insya Allah, khususna para khotib umumna Islam ngala mangpaat tina eusi buku ieu.

100 in stock

Cart Item Removed. Undo
  • No products in the cart.